Selasa, 08 November 2016

Sakola Keur Lemah cai

sakola keur lemah cai

cikaracak ninggang batu
laun laun jadi legok
kudu tuhu nungtut elmu
sangkan urang henteu mabok

sakola
tempat nu teu aya bandinganana
ti dinya ayana pangimpin bangsa
ti dinya jadina indonesia

tong hese ku lempangna
tong wegah ku inditna
sakola jadi tujuan
sakola jadi jembatan
keur ngahontal cita-cita
keur ngamajukeun nagara
manfaat keur lemah cai
maslahat keur sakumna pribumi

sakola wangunan pamingpin bangsa

sakola wangunan pamingpin bangsa

teu endah teu matak pikageunah
mun di tenjo ku soca
hoream wegah
nu ngancik dina manah
unggal aya parentah

nungtut elmu nu jadi pagawean
kabagjaan nu jadi tujuan
dunya rawuh akherat nu jadi ka pimaksad
elmu tungtut dunya siar
paribasan keur budak sakola
nu gareulis nu karasep calon pamingpin bangsa jeung nagara

kasep
geura angkat ka sakola
geura bagjakeun ema jeung bapa
geulis
teu keunging dangdos wae
enggal geura tungtut elmu sangkan hirup bagja