Selasa, 08 November 2016

Sakola Keur Lemah cai

sakola keur lemah cai

cikaracak ninggang batu
laun laun jadi legok
kudu tuhu nungtut elmu
sangkan urang henteu mabok

sakola
tempat nu teu aya bandinganana
ti dinya ayana pangimpin bangsa
ti dinya jadina indonesia

tong hese ku lempangna
tong wegah ku inditna
sakola jadi tujuan
sakola jadi jembatan
keur ngahontal cita-cita
keur ngamajukeun nagara
manfaat keur lemah cai
maslahat keur sakumna pribumi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar